Ngeunaan Kami

Kitab Suci Kristen nyarioskeun ka urang ngalangkungan sajarah sareng nubuatan. Eta netelakeun ka urang naon nu tos datang samemeh na sareng naon nu bakal kajantenan saenggalna. Dina ramalan anu mangherankeun, urang panginten maos warta pangemut nu pamungkas samemeh ancurna dunya.

Warta pengemut ieu, dijentrekeun ku Tilu Malaikat dina Wahyu 14, nyeta dina tilu bagean. Unggal pangemut ieu penting kangge sakabeh dunya sangkan kadangu.

  • Malaikat anu kahiji cumeluk ka urang pikeun nyembah ka Pangeran Pencipta, Nyeta anu tos ngajadikeun sawarga, dunya, jeung laut. Urang kedah nyembah ka Pencipta sabab Panghakiman Mantenna parantos cunduk waktosna. Malaikat anu kahiji cumeluk ka urang sangkan urang tiasa uninga ka PANGERAN ieu sarta sadia pikeun ngaliwatan panghakiman.

  • Malaikat kadua ngemutan urang ngeunaan kamurtadan agama di akhir zaman. Urang dipikahatur sangkan "kaluar" tina sistem agama anu henteu ngahormat ka PANGERAN Pencipta sarta ngahormat kana Pangandika-Na anu diuningakeun nana.

  • Malaikat anu katilu ngemutan urang yen si jahat bakal didamel liwat sistem kaagamaan murtad pikeun nyiptakeun hiji serangan ahir ngalawan PANGERAN Pencipta sarta umat Mantenna. Bakal aya hiji "tanda" nu ditempatkeun ka sing saha anu milu ka si jahat, sarta sing saha anu tetep tigin ka PANGERAN bakal dikaniaya. Nanging PANGERAN bakal nyicikeun Panghakiman-Na ka sing saha anu miboga tanda nu dahsyat ieu. Umat Mantenna, anu miboga iman sareng kataatan, bakal disalametkeun tina kahancuran planet anu sakarat. Aranjeunna bakal lebet ka sawarga sinareng PANGERAN sarta bakal nyaksikeun Mantenna ngajadikeun deui dunya dina kasampurnaan aslina.

Daftar kangge buletin kami

Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

newsletter-cover