
Anjeun Meryogikeun Mu'jijat?
Ringkesan
PANGERAN miboga sajarah panjang nyayogikeun mujijat-mujijat pikeun umat Mantenna nalika aranjeunna meryogikeunana pisan. Alkitab netelakeun ka urang loba kisah ngeunaan nubuatan-nubuatan anu ngawujud, nyageurkeun jalmi-jalmi, sarta kajantenan-kajantenan luar biasa nu tiasa kajantenan ngan datang tina jawaban du'a. Risalah ieu nyadiakeun sababaraha alesan kunaon urang tiasa percanten ka Alkitab salaku pangandika PANGERAN, sarta kumaha anjeun tiasa nyaketan PANGERAN pikeun mu'jijat anjeun nyalira.
Ketik
Tract
Panerbit
Sharing Hope Publications
Sayogi di
21 Basa
Halaman
6
Hiji kaum wargi kulawarga nu ageung nuju ngaharepkeun kahirupan nu langkung sae sarta nangtukeun pikeun ngalih ka hiji dayeuh anyar. Numawi, lalampahanana henteu gampil; aranjeunna kedah ngaliwatan hiji gurun pasir nu lega bari leumpang. Aya oray, kalajengking, jeung cuaca nu sakitu panasna. Umpami gering atanapi leuleus, anggota kulawarga reureuh di pengkereun gorobak, aranjeunna disorang ku para bandit.
Henteu lami aranjeunna kaleungitan daharan, ngan pamingpin aranjeunna ceurik ka Gusti PANGERAN nyuhunkeun mu’jijat. Enjingna, waktos aranjeunna garugah, aranjeunna mendakan aya barang-barang aralit sarupa jeung kueh nu kasebar dina taneuh. Sihoreng raos pisan, sapertos kue wafer dimaduan. Numawi eta cekap kangge unggal jalma sangkan henteu lapar deui! Diperyogikeun sababaraha dinten ngalangkungan gurun pasir eta, ngan unggal dinten aya wae hujan kueh ti langit. Puji ka Gusti PANGERAN, arenjunna salamet!
Carita ieu bisa wae ngareureuwas urang, ngan ieu leres-leres kajantenan. Eta salah sahiji conto mu’jijat nu dicarioskeun dina Alkitab, nu panginten anjeun uninga nyaeta Torat, Zabur, sareng Injil. Alkitab miboga ratusan carita sayakti, seueur diantawisna dumasar kana mu’jijat-mu’jijat nu dilampahkeun ku Gusti dina kahirupan jalma-jalma. Alkitab nyaeta hiji kitab nu penting kangge jaman urang, di mana sakitu lobana jalma nu meryogikeun mu’jijat-mu’jijat kangge maranehna.
Mu’jijat-mu’jijat Jaman Modern
Dina taun-taun ahir-ahir ieu, urang parantos ningal perang-perang sipil, ruksakna ekonomi, pangangguran, panyakit infeksi, jeung maot. Sim kuring mah henteu terang kumaha situasi anjeun ayeuna. Bilih wae anjeun diusir ti bumi anjeun. Bilih wae anjeun miboga saurang nu dipikacinta ku anjeun nu nuju sakarat. Bilih wae anjeun nuju kukurilingan milarian padamelan.
Naon wae situasi anjeun, Gusti PANGERAN merhatoskeun anjeun oge Mantenna kersa ngadamel hiji mu’jijat pikeun anjeun ayeuna, sakumaha Mantenna dina jaman kapungkur. Waktos anjeun ngaraos sedih, anjeun tiasa mendakan kakiatan ku maos Alkitab, nyaeta hiji buku mu’jijat.
Dawuhan Gusti pikeun Jaman Urang
Sawatara jalma ngarasa ragu maca Alkitab lantaran maranehna parantos ngadangu yen eta tos dirobih. Panginten salah konsep ieu disababkeun ku pola hirup ti loba jalma nu ngangken miturut kana Alkitab. Sakapeung urang tiasa ningal kaum Kristen nu nginum alkohol, judi, nganggo acuk henteu sopan, nuang daging babi, oge henteu bageur ka sasama.
Nanging faktana, sagala rupi kasalahan eta dilarang di Alkitab. Waktos urang Kristen hirup henteu taat ka Gusti PANGERAN, hal eta henteu ngarobah kaabsahan tina Pangandika-Na nu langgeng. Nabi Yesaya nyeratkeun kieu, “Enya, jukut tangtu layu, kembang tangtu muntah, nanging pangandika Gusti PANGERAN urang mah umurna langgeng” (Yesaya 40:8). Numutkeun anjeun nya kitu jalma teh maha kawasa dina ngarobah Dawuhan Gusti, atanapi sapertosna maranehna nu salah ngagambarkeunana ku ngalakukeun hal nu awon?
Alkitab nyarioskeun nalika nabi David (oge dipikaterang Daud) sareng ruhiyatna mawa tabut parjangjian, dada emas nu ageung nu dilebetna aya Sapuluh Pangandika. Sapuluh Pangandika nyaeta hukum Gusti PANGERAN pikeun kahirupan moral, sarta diserat dina dua loh batu sarta ditempatkeun di lebet tabut emas. Dina proses mawa tabut eta, upami aya jalmi nu wantun nyepeng atanapi keuna tabut eta--manehna langsung wae bakal maot!
Upami Gusti PANGERAN henteu ngidinan panangan-panangan nu nyobi keuna kana dada emas nu eusina Dawuhan-Na, komo deui Mantenna moal bakal ngidinan manusa anu jahat pikeun ngadeukeutan Dawuhan-Na anu diserat ku gunting atanapi ku pena koreksi? Gusti PANGERAN henteu kirang kawasa dina ngajagi Pangandika-Na.
Sacara obyektif, Alkitab teh kitab nu pang absahna dina sajarah manusa. Henteu lami nu tos kalangkung, tilu pangangon Badui di Palestina—Muhammad edh-Dhib, Jum’a Muhammad, sareng Khalil Musa—henteu dihaja manggihan Gulungan Laut Mati. Ieu mangrupakeun pamendakan arkeologi nu utami nu ngidinan urang ngabandingkeun Alkitab jaman ayeuna sareng naskah-naskah Alkitab zaman baheula nu kinten-kinten umurna 2.000 taun. Kaakuratanana matak olohok, deudeuieun nunjuk kana fakta yen wahyu-wahyu Gusti PANGERAN henteu tiasa dirobih. Upami anjeun meryogikeun mu’jijat, anjeun tiasa yakin yen Alkitab teh mangrupakeun hiji tempat nu luar biasa pikeun ditalungtik! Di lebetna anjeun bakal mendakan carita-carita nu matak olohok ngeunaan nabi-nabi sapertos Nuh, Abraham, Yusuf, Yunus, Daniel, Daud, sarta Sulaeman. Anjeun panginten parantos ngadangukeun potongan carita aranjeunna di tempat nu sanesna, nanging Alkitab mah nyaritakeun salengkepna!
Sumangga Pendakan Mu’jijat Anjeun
Krisis naon wae nu manawi nuju dialaman ku anjeun, Alkitab miboga hiji carita ajaib pikeun anjeun:
Anjeun atanapi wargi nu dipikacinta ku anjeun nuju henteu damang? Aos ngeunaan mu’jijat cageurna Naaman, panglima Suriah nu miboga panyawat lepra (kusta).
Anjeun nuju bajoang pikeun masihan tuang kulawarga anjeun? Aos ngeunaan janda Sarfat sareng putrana, nu tahan hirup di jaman paceklik nu panjang ngan aya sakedik minyak dina toples alit sareng sakeupeul tarigu dina gentong nu tara pernah se’epeun.
Kahirupan anjeun dina bahaya? Aos ngeunaan Ebed-Melek, budak Etiopia di istana raja, nu hirupna salamet salami masa perang kusabab imanna ka Gusti PANGERAN.
Anjeun ngaraos sapertos nu taya mangpaat? Aos ngeunaan Hagar urang Mesir, nu ningal kana mujijat-mujijat Gusti PANGERAN waktos manehna ditolak.
Anjeun nuju teuleum dina kasusahan-kasusahan hirup? Aos ngeunaan nalika Yesus Kristus mantengkeun panangan-Na sareng nenangkeun angin puyuh nu sakitu ganasna pikeun nyalametkeun murid-murid-Na tina kacilakaan kapal.
Waleran-Waleran Ajaib
Samentawis urang maos Alkitab, urang pinuh kayakinan pikeun ngadu’a kanggo harepan-harepan anu positif. Yesus Kristus ngandika, “Nya kitu deui, neneda menta naon wae, asal hate percanten, tangtu dikabul” (Mateus 21:22). Waktos urang maos carita-carita ti saderek nu sanes nu nampi mu’jijat-mu’jijat ti Gusti PANGERAN, hate urang diilhaman ku pangharepan sangkan du’a-du’a urang naek ka sawarga.
Anjeun meryogikeun mu’jijat? Sing diilhaman ku mujijat-mujijat dina Alkitab sareng nyuhun ka Gusti PANGERAN pikeun mujijat anjeun. Mantenna tangtos bakal ngupingkeun du’a anjeun dinten ieu!
Upami anjeun kersa diajar langkung deui ngeunaan mujijat-mujijat dina Alkitab, sumangga kontak sim kuring dina informasi nu aya di pengker makalah ieu.
Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.
Daftar kangge buletin kami
Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

Pilari panongton anjeun
Terbitan-terbitan anu diunggulkeun
© 2023 Sharing Hope Publications