Cara Mikirkeun Pikeun Diri Anjeun

Cara Mikirkeun Pikeun Diri Anjeun

Ringkesan

Nabina PANGERAN ngaramalkeun hiji kawasa agama nu ngabahayakeun nu digambarkeun ku ngaran kode simbolis "Babilon." Numutkeun nubuatan, kawasa ieu bakal nyobi maksakeun sarta bakal metot urang kana ibadah palsu. Hiji-hijina cara sangkan urang tiasa mendakan kaamanan nyaeta ku ngemut diri urang sarta ngajagi kasatiaan nu pengkuh ka Pangandika PANGERAN anu diebrehkeun. Risalah ieu netelakeun ka urang kumaha ngalatih pikiran urang sangkan urang bisa jadi wijaksana, nyaeta jadi umat percaya anu ngemut dina mangsa krisis dunya.

Ketik

Tract

Panerbit

Sharing Hope Publications

Sayogi di

18 Basa

Halaman

6

Unduh

Sim kuring nembe wae ngahontal dugi ka puncak Gunung Datuk saparantos lalampahan panjang naek gunung. Sim kuring calik sareng rencang anyar abdi, Adzak, pikeun ningalian pemandangan nu endah. Teu lami, panyariosan abdi sareng manehna ngalih kana widang kaagamaan.

“Pamikiran abi mah bebas,” Adzak nembalan. “Abi miboga panempo sorangan ngeunaan dunya.”

“Ah sumuhun,” sim kuring nembalan. “Abi parantos ngadangukeun nonoman Malaysia teh lolobana miboga pamikiran bebas.”

Adzak seuri. “Urang kudu mikirkeun pikeun diri urang. Sabalikna loba kabingungan. Eta bisa nyababkeun anjeun gelo.”

“Ngan kumaha waktos anjeun mulang ka bumi?” Sim kuring naros. “Di dieu di Malaysia, loba nonoman nyebat diri maranehna pamikir-pamikir bebas, ngan di bumi, anjeun dipikaharep sangkan ngiringan kana ritual-ritual Islam atawa Budha. Naon nu anjeun carioskeun ka sepuh anjeun?

“Abi henteu nyarios ka sepuh abi,” Adzak nembalan. “Abi mah saukur ngiringan wae naon nu dikersakeun ku sepuh abi. Abi tiasa mikir bebas, nanging abi kudu nyimpen eta dina diri abdi sorangan.”

Mikir Bebas Teh Penting?

Di sababaraha bagean di dunya, miboga kayakinan nu salah tiasa nyababkeun anjeun dipiceun ti masarakat, dipecat ti padamelan anjeun, atanapi malihmah dipaehan. Mikir pikeun diri anjeun bisa bahaya. Nanging penting kitu? 

Dunya urang pinuh ku ideu-ideu hade sarta ideu-ideu nu awon. Salah sahiji cara penting sangkan ngawitan ngagentosi kahadean tina kaawonan nyaeta sangkan mikir sarta nyarios ngeunaan maranehna. Upami anjeun meser barang awis—sapertos emas, perunggu, atanapi iPhone—anjeun henteu ngan ukur mayar sareng nyandak barang eta ka bumi anjeun. Anjeun bakal marios sareng ngabanding keunana sareng produk-produk sainganna sangkan mastikeun anjeun leres-leres ngengingkeun kualitas nu pang hadena. Ideu-ideu oge kedah diperlakukeun dina cara nu sami.

Seueur kabingungan di dunya, sarta hal eta nambih langkung awon waktos jalma-jalma nyoba sangkan maksakeun ideu-ideu maranehna sorangan nu ngabingungkeun masyarakat. Idinan sim kuring masihan terang ka anjeun ngeunaan hiji ramalan penting. Dina buku nu parantos kolot pisan nu disebut “Wahyu Yesus Kristus,” hiji ramalan nu masihan terang ka jalma-jalma nu nyobi maksakeun panempoan maranehna nu ngabingungkeun ka jalma-jalma nu sanesna. Dicarioskeun, “Geus rugrug! Babul nu gede teh geus rugrug! Babul geus ngamabokan sakumna manusa ku anggurna, anggur napsu-napsu kotorna” (Wahyu 14:8).

Kecap-kecap simbolis ieu henteu sesah dipikaterang. Babul teh hiji kota kuno nu kasohor, ngan harti ngarana nyaeta, “kabingungan.” Kota ieu “rugrug,” sanes ku karana manehna bingung nanging ku lantaran manehna teu kersa ninggalkeun kabingungan manehna. Menehna ngabujuk wangsa-wangsa sangkan gabung sareng palacuran rohani manehna—nyaeta, ngahianat ka Gusti PANGERAN ku nyampurkeun ibadah sajati jeung ibadah nu palsu. Ideu-ideu palsu ieu dianggep normal jeung ditarima. Ramalan (nubuatan) ngeunaan “Babul” ieu ngarujuk kana kasatuan rohani dunya nu henteu ngan ngalebetkeun kasalahan-kasalahan rohani nganging tungtungna mah bakal nyoba maksakeun hal eta ka jalma-jalma nu nyepeng kaestuan ti Dawuhan Gusti.

Wahyu Yesus Kristus ngaramalkeun hal ieu bakal kajantenan dina jaman urang. Panginten anjeun parantos ningal hal kajantenan ieu. Aya jalma-jalma nu ngagambarkeun Gusti PANGERAN ku ideu-ideu palsu? Anjeun ngaraos henteu nyaman dina hate anjeun?

Sumuhun, margi mikir bebas teh penting.

Cara Mikirkeun Pikeun Diri Anjeun

Seueur jalma ngaraos puas ngiring agama di masarakat maranehna. Maranehna henteu mikir ngalangkungan kapercayaan-kapercayaan maranehna. Maranehna ngiringan tradisi-tradisi agama nu teu lebet akal atanapi nu nyababkeun leuwih jahat tinimbang kahadean. Sakapeung, malihmah pamingpin-pamingpin agama, nu kedahna nungtun urang kana jalan Gusti PANGERAN, diri maranehna pinuh ku kasalahan.

Kumaha urang tiasa mendakan kaestuan? Sim kuring ngabongbolangan yen urang percanten ka nabi-nabi. Kunaon? Aya tilu alesanana:

  1. Kahiji, Nabi-nabi masihan terang ngeunaan pikahareupeun. Nabi Daniel ngaramalkeun bangkitna Eropa dugi ka posisi sejarah kolonisasi dunya. Yesus Kristus (oge dipikaterang Isa Almasih) ngaramalkeun kariksakan Yerusalem dina taun 70 Masehi. Nabi Musa ngaramalkeun sejarah Ismail dugi ka tungtungna zaman.

  2. Kadua, Nabi-nabi masihan terang elmu pengetahuan nu luar biasa ngeunaan kasehatan. Nabi Musa, nu hirup kira-kira 3500 tahun nu tos kalangkung, ngajelaskeun karantina, MCK nu higienis (bersih), sarta prinsip-prinsip sterilisasi. Anjeunna ngabagi jinis sasatoan halal jeung haram. Oge anjeunna netelakeun ka urang supados urang teu nuang getih atanapi lemak waktos urang nuang daging nu halal. Malih mah ayeuna, maranehna nu ngiringan meraktekkeun hukum diet sareng sanitasina hirup 15 taun langkung panjang yuswana tibatan jalmi biasa.

  3. Katilu, Gusti PANGERAN ngajawab doa-doa umat nu percanten ka Mantenna sarta nu percanten ka nabi-nabi-Na. 

Seratan-seratan nabi-nabi pinuh ku tungtunan—nanging supados urang miboga mangpaat ti aranjeunna, urang kedah diajar mikir kritis, ngetes kapercayaan-kapercayaan urang, sarta ngecek bukti pikeun iman urang. Mikiran teh hiji bagean penting tina agama nu sayakti.

Ayeuna, kumaha lamun urang mariksa hiji kasalahan? Sapertosna eta leres. Nanging samentawis urang milarian bukti, urang ngawitan ningal kana misalah ku ideu eta. 

Kaestuan teh saukur sabalikna. Hal eta teu pernah kelaungitan naon wae waktos ditalungtik ku taliti. Beuki urang nalungtik, beuk urang ningal kana kaestuanana. 

Umat percaya kedah jadi jalma-jalma nu pang wijaksanana di dunya sabab Gusti PANGERAN nungtun urang dina jalan kawijaksanaan. Upami anjeun mendakan diri anjeun dina situasi di mana anjeun henteu diidinan mikir atawa naroskeun patarosan-patarosan, maka eta teh sanes ti Gusti PANGERAN. Gusti PANGERAN ngulem pangulikan urang sabab kebenaran mah cekap kiat ngalawan pangulikan. Nanging Babul ngabujuk anjeun kana kapalsuan sareng ngajagi anjeun didinya ku nutup panto usaha intelektual.

Upami anjeun ngaraos bingung bahwa anjeun sapertos ngaraos nuju di Babul, ingkah ti dinya! Hayu sumping ka jalan hikmat Gusti PANGERAN. Pikirkeun pikeun diri anjeun sarta taroskeun patarosan-patarosan nu taliti. Anjeun moal bakal kuciwa.

Anjeun kersa uninga langkung deui ngeunaan Wahyu Yesus Kristus? Sumangga kontak sim kuring dina informasi nu aya di pengker makalah ieu.

Copyright © 2023 by Sharing Hope Publications. Karya (makalah) ieu tiasa dicetak sareng dibagikeun kangge tujuan non-komersial henteu kedah ngangge izin.
Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.

Daftar kangge buletin kami

Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

newsletter-cover