Mikasono kana Rohmat

Mikasono kana Rohmat

Ringkesan

Sapertos kumaha rohmat PANGERAN teh? Mantenna ngan saukur ngandika, "Kami ngahampura anjeun" atawa Mantenna nyayogikeun hiji panggentos pikeun ngaberesihkeun catetan urang nu ngisinkeun? Risalah ieu ngabagikeun hiji carita pribumi pikeun ngajentrekeun perluna sarta harti korban panggentos. Para pamaos bakal mendakan pangharepan dina kaweruh yen dosa aranjeunna tiasa dihampura sarta rasa kaisin aranjeunna dipiceun.

Ketik

Tract

Panerbit

Sharing Hope Publications

Sayogi di

21 Basa

Halaman

6

Unduh

Fatima nyalira wae waktos lebaran Idul Adha, anjeuna ngaraos sepi leuwih ti nu tiasa diraosan ku anjeuna. Kaayaan sepi anjeuna lantaran ku kasalahan anjeuna, sanes kitu?

Fatima emut lalakon kasar anjeuna waktos pasea sareng ramana lantaran anjeuna nikah sareng Ahmed. Anjeuna anom keneh sareng nuju kasmaran. Naha kunaon ramana teu satuju? Waktos anjeuna kabur sangkan nikah sareng Ahmed, ramana nyarios supados anjeuna henteu pernah mulang deui.

Anjeuna mikir yen anjeuna bakal sanggem nampi kaisin sabab ku bogohna ka Ahmed. Nanging henteu lami, anjeuna kapaksa ngangken yen daweung ramana teh leres. Ahmed sanes lalaki nu dipikabogoh ku anjeuna. Ahmed ninggalkeun anjeuna demi wanoja nu sanes.

Fatima ngaraos isin ka diri sorangan. Anjeuna percanten tos tepang sareng kaadilan sarta ayeuna nuju nampi upahna. Anjeuna ngartos pisan kana kaadilan. Nanging oh, sakitu mikasono hatena kana rohmat!

Nu Maha Asih sareng Nu Maha Rahman

Upami urang jujur, urang sadaya parantos milampah kalepatan ageung sarta teu madulikeun swanten hikmat. Urang parantos nyinggung ka sasama. Sasama urang oge parantos nyinggung ka urang. Masarakat urang kajieun ti jalma-jalma nu milampah kasalahan-kasalahan. Sareng sesah pisan sangkan urang tiasa ngahampura sewang-sewangan! 

Dupi aya rohmat kangge kalepatan-kalepatan urang?

Pikirkeun sakumaha seringna urang maos fraseu saderhana “bismillah Al-Rahman Al-Raheem”—“ku nami Gusti PANGERAN, Nu Maha Asih, Nu Maha Rohman.” Naon istimewana rohmat teh?

Panginten eta lantaran masarakat urang—sarta hate urang nyalira—meryogikeun pisan rohmat.

Rohmat: Jalan nu Langkung Hade

Sababaraha taun nu tos kalangkung, aya hiji pameget namina Abdul-Rahman gelut sarta maehan tatanggina Kareem. Kahirupan kangge dua kulawarga eureun di desa alit wangsa Mesir ieu. Kulawarga Kareem miboga rasa dengdem, samentawis kulawarga Rahman bari sieun nyobi nangtayungan kulawargana. Abdul Rahman teu kersa ngalajengkeun siklus bales dengdem. Anjeuna nyuhunkeun saran ka pamingpin desa, para pamingpin desa ngabongbolangan ritual lawon kafan kangge mayit.

Abdul-Rahman mawa lawon kafan bodas sarta neundeun peso di luhureunna. Anjeuna mapah sangkan mendakan kaluarga Kareem di pasar, samentawis sakabeh jalma sakampung naringalikeun. Abdul-Rahman sujud di hareupeun Habib, nyaeta lanceuk si korban, sarta masrahkeun lawon kafan jeung peso na. Anjeuna menta rohmat sareng badanten.

Habib ngadegkeun eta peso dina beuheung Abdul-Rahman. Pamingpin-pamingpin desa mawa domba, Habib kudu ngajieun kaputusan manehna: rohmat, atawa bales dengdem? Samentawis manehna ngadegkeun peso dina beuheung Abdul-rahman, aksina ngaguar, “Maneh aya dina kawasa abi ayeuna. Sakabeh panon nempo kajaden ieu; unggal jalma nyahoeun yen abi boga hak pikeun maehan maneh oge abi mangpu ngalakukeunana. Tapi abi milih rohmat jeung badami wae. Abi bakal mungkas mumusuhan getih ieu.”

Anjeuna ingkah ti Abdul-rahman teras wae meuncit domba keur gantina. Waktos rarasa kanyeuri, ambek, sarta kaadilan parantos diserep ku sato, Habib nangkeup Abdul-Rahman. Badanten antawis dua kulawarga parantos dipulihkeun. 

Upami manusa tiasa mendakan cara-cara sangkan ngagabungkeun kaadilan sareng rohmat, komo deui Gusti PANGERAN tiasa ngalampahkeun hal nu sami!

Yesus Juru Salamet: Rohmat ti Gusti PANGERAN

Di mana urang tiasa diajar ngeunaan rohmat Gusti PANGERAN? Ieu gampil pisan. Anjeun panginten parantos ngadangu yen Yesus Juru Salamet disebat “Rohmat” ti Gusti PANGERAN. Ieu hartosna yen Mantenna leres-leres wujud rohmat. Jalan-Na—piwuruk-piwuruk-Na di lebet Kitab Warta Kabingahan, oge nu dipikaterang Injil—ieu nyaeta jalan kangge panghampura sarta katengtreman.

Yesus Juru Salamet tiasa ngalengkepan lalakon nu sakitu ajaibna lantaran Mantenna teh ngan hiji-hijina Saurang nu diutus ku Gusti PANGERAN nyaeta Mantenna nu leres-leres henteu miboga dosa. Unggal nabi sareng utusan suci meryogikeun panghampura kangge kalepatan-kalepatan aranjeuna, nanging Yesus Juru Salamet mah henteu meryogikeunana. Mantenna diangkat langsung ka sawarga henteu kedah ngantosan Dinten Panghakiman lantaran Mantenna tara pernah ngalampahkeun hiji kalepatan oge—sanaos kalepatan alit.

Kangge alesan ieu Mantenna disebat Rohmat ti Gusti PANGERAN. Mantenna masihan tuladan rohmat nu murni ka urang, sarta miwuruk kumaha sangkan nampi rohmat ti Gusti PANGERAN.

Kumaha Yesus Juru Salamet Tiasa Ngabantos Sim Abdi?

Dicutat yen Yohanes Pembaptis (oge dipikaterang Yahya) ningal ka Yesus Juru Salamet di antawis loba jalma sarta, di lebet ilham ti Gusti PANGERAN, ngalahir, “Tuh itu! Anak Domba Gusti PANGERAN, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya!” (Injil, Yohanes 1:29). Yesus Juru Salamet teh diumpamakeun sapertos domba nu ngadamel hiji cara sangkan aya katengtreman kangge Abdul-Rahman eta. 

Upami urang dihukum kusabab kalepatan-kalepatan urang, ieu kaadilan. Nanging Yesus Juru Salamet, nu leres-leres henteu miboga dosa, ikhlas tanggungwaler kangge kalepatan-kalepatan urang. Teu aya saurang oge nu maksa Mantenna. Mantenna sacara sukarela maot sangkan ngajawab tungtutan kaadilan. Mantenna hiji-hijina Saurang nu kangtos hirup nu henteu ngalampahkeun dosa, nanging Mantenna ngijinkeun Diri-Na Nyalira diperlakukeun sapertos domba dina carita Abdul-Rahman. Kukituna, saparantos Mantenna ngalaman kanyeri (derita) kanggo urang, Gusti PANGERAN ngabangkitkeun Mantenna ka Sawarga.

Panginten anjeun miboga konflik dina kahirupan anjeun. Panginten anjeun sapertos Fatima, kapiceun ku wargi nu dipikacinta ku anjeun. Panginten anjeun dipikanyeri ku saurang, atawa ngaran sae anjeun digogoreng sacara teu adil. Panginten anjeun sapertos Abdul-Rahman, ngaraos lepat sareng sieun ku bales dengdem.

Yesus Juru Salamet tiasa ngabantos. Anjeun tiasa ngadamel du’a pondok neneda sacara saderhana sapertos kieu:

Nun Gusti, sim kuring henteu pernah tiasa nebus dosa-dosa sim kuring. Nanging sim kuring terang Anjeun parantos ngintun Yesus Juru Salamet salaku Rohmat Anjeun kangge abdi sadaya. Hapunten samudaya kalepatan sim kuring lantaran kahadean-kahadean nu dipikalampah ku Anjeun ka sadaya jalma. Tulungan sim kuring ngalenyepan jalan ti Yesus Juru Salamet sangkan sim kuring tiasa ngalaman rohmat Anjeun dina kahirupan sim kuring. Amin.

Upami anjeun ngersakeun salinan Injil, sumangga kontak wae sim kuring dina informasi nu dicatet dina pengker makalah ieu.

Copyright © 2023 by Sharing Hope Publications. Karya (makalah) ieu tiasa dicetak sareng dibagikeun kangge tujuan non-komersial henteu kedah ngangge izin.
Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.

Daftar kangge buletin kami

Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

newsletter-cover