
Aman ti Lelembut Jahat
Ringkesan
Lelembut jahat teh miboga kawasa, ngan teu sakuat kawasana Yesus Sang Mesias. Risalah ieu ngagambarkeun kumaha Yesus ngusir iblis-iblis kaluar ti jalma-jalma anu ngalaman sangsara sarta ngabantos aranjeunna mendakan kawalagrian. Mantenna tiasa ngalampahkeun hal anu sami pikeun urang ayeuna. Kitab Mantenna ngawulang urang sagala hal nu sakedahna urang sangkan leupas tina gangguan sarta panindasan Iblis. Hal eta netelakeun ka urang oge kumaha urang tiasa nyingkahan tina tipuan setan samemeh Mantenna sumping deui.
Ketik
Tract
Panerbit
Sharing Hope Publications
Sayogi di
21 Basa
Halaman
6
Jin aya di mana-mana. Naon wae anjeun nyebutkeunana boh lelembut, iblis, atanapi jin, eta bisa jadi pikareueuseun. Tukang sihir, dukun santet, sarta guna-guna teh kasohor, ngan enya kitu maranehna bisa bener-bener nyalindungan urang?
Sim kuring hoyong ngabagikeun anjeun tilu lengkah gampil sangkan mendakan panyalindungan tina lelembut jahat supados anjeun teu kedah sieun.
Panyalindungan ti Lelembut Jahat
Lalaki eta buligir jeung ngagorowok. Manehna diraksukan ku loba jin, teu aya jalma nu tiasa ngabantos manehna. Jalma-jalma di desa tos nyoba manehna ditalian ku rante, ngan rantena dipegatkeun ku manehna jeung kakuatan manusa super sarta kabur sangkan tiasa hirup di pajaratan. Manehna unggal poe ngagorowok pikareueuseun jeung neunggeulan dirina sorangan ku batu.
Dugi ka sumpingna Saurang nu namina Yesus Kristus, nu dipikaterang Isa Almasih.
Lalaki eta sakitu kasiksana waktos manehna ngabuka bahamna sangkan menta tulung, jin nu aya dina dirina ngagorowok ka Yesus Kristus supados ninggalkeun dirina sorangan. Nanging Yesus henteu ninggalkeun manehna. Mantenna terangeun naon nu tumiba ka manehna. Teu aya kasieun, Mantenna marentahkeun jin supados ingkah ti jalma eta.
“Ulah miceun abi ka jero jurang!” penta jin. Maranehna (jin-jin) nyuhunkeun lebet kana rombongan babi nu caket di dinya. Yesus marentahkeun maranehna supados ingkah ti lalaki eta sarta asup kana sato nu haram. Enggal wae, jalma nu karaksukan ku jin teh sehat deui, sarta sakabeh kempelan babi lumpat ka jurang ngajleng ka laut.
Ahirna, lalaki eta bebas. Manehna sakitu ngucap sukur! Nanging ieu lain ngan sakitu caritana. Yesus Kristus miboga kawasa ageung kangge ngabereskeun lelembut jahat. Kamana bae Mantenna angkat, Mantenna ngabebaskeun saha-saha nu karaksukan ku jin. Mantenna oge masihan kawasa ka murid-murid-Na kangge ngabereskeun jin:
Maraneh ku Kami geus dibere kawasa, pikeun nincakan oray jeung kala, jeung pikeun ngelehkeun kakawasaan musuh, tur moal aya nu tiasa nyilakakeun ka maraneh. Nanging ulah bungah ku dumeh lelembut jahat nepi ka tarunduk ka maraneh, kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga (ti Injil, Lukas 10:19–20).
Waktos urang ngiring kaYesus Kristus, urang tiasa miboga kaamanan dina kahirupan ieu sarta jaminan kangge kahirupan engke! Hayu urang merhatoskeun tilu lengkah sangkan meunangkeun kabebasan tina lelembut jahat.
Langkah 1: Tungtut Kawasa Dina Ngaran Yesus Kristus
Langkah kahiji nyaeta milarian panyalindungan Gusti PANGERAN dina ngaran Yesus Kristus. Ku diri sorangan mah, urang teh teu walakaya. Nanging nalika urang ngaguar nami Yesus Kristus dina kahirupan urang, tangtos lelembut jahat janten teu walakaya! Yesus ngandika ngeunaan murid-murid-Na: “bakal barisa nyingkahkeun lelembut jahat ku nyambat jenengan Kami” (Injil, Markus 16:17).
Upami anjeun percanten sareng sapinuh hate anjeun yen Yesus bakal ngabebaskeun anjeun, Mantenna bakal milampah perkawis eta! Sederhana wae neneda kieu ka Gusti PANGERAN, “Nun Gusti, tulungan bebaskeun sim kuring tina lelembut jahat dina lebet jenengan Saurang nu parantos diutus ku Anjeun, Yesus Kristus!”
Langkah 2: Pilari Pembersihan Lahir sareng Batin
Yesus Kristus miwuruk yen urang teu kenging miturut kana jalan iblis. Mantenna ngandika, “anu nyangking ieu dunya tos dugi. Saenyana manehna teu kawasa naon-naon ka Kami” (Injil, Yohanes 14:30). Urang kedah ngabersihkeun kahirupan urang tina pangaruh-pangaruh jahat oge.
Naon hartosna bahwa iblis “teu kawasa naon-naon dina diri urang”? Hartosna manehna teu kawasa naon-naon dina hate atanapi dina kulawarga urang nu dipiboga ku manehna. Urang kedah miceun guna-guna sareng isim. Urang kedah nyingkahkeun alat-alat berdosa sapertos pornografi, obat-obat nu dilarang, sarta alkohol. Upami urang pernah ngiringan dina ritual-ritual nyarios kanu tos maot atanapi ngusir kutukan, urang kedah langsung ingkah tina kagiatan-kagiatan eta. Kukituna, urang ngabersihkeun lingkungan lahiriah urang tina pangaruh-pangaruh iblis. Salajengna, urang kedah ngadu’a ka Gusti PANGERAN sangkan ngahampura urang sarta ngebersihkeun urang di lebet (batin) urang.
Langkah 3: Eusi Kahirupan Anjeun ku Caang
Saparantos Yesus Kristus ngabebaskeun anjeun ti kawasa jin, ulem Mantenna supados ngariksa kahirupan anjeun. Ulah ngosongkeun hate anjeun. Yesus Kristus ngandika,
Pami lelembut jahat tos kaluar tina nyurupna ka hiji jelema, tuluy ngatrok ka tempat-tempat nu garing, neangan enggon reureuh, saenggeus teu manggih, nyarios nyalira, “Mending balik deui, nyampak urut nyurupna teh kosong, bararesih, rarapih.” Seug indit heula, balikna mawa batur tujuhan, lelembut nu leuwih jahat tibatan manehna, tuluy nyarurup ka eta jelema jadi leuwih cilaka ti batan tadina (Injil, Mateus 12:43-45).
Pami anjeun parantos dibersihkeun tina jin, eusi kahirupan anjeun ku caangna kitab Yesus, nyaeta Alkitab. Yesus Kristus sumping isalaku “caang nu turun ka alam dunya, supaya anu percaya ka Kami ulah poek hirupna” (Injil, Yohanes 12:46). Kengingkeun salinan kitab Yesus sarta aos unggal dinten sangkan caang-Na bakal ngusir poek.
Aman pikeun Kahareupna
Urang nuju hirup caket kana ahir zaman di mana lelembut jahat langkung giat ti nu pernah aya. Yesus Kristus ngaramalkeun bahwa samemeh Mantenna uwih deui ka dunya ieu, kawasa-kawasa jahat bakal ngayakeun loba mu’jijat-mu’jijat palsu sangkan nipu umat supados percanten. Ka sapalih, jin teh bakal mecenghul dina rupa nu reueuseun sapertos jurig; kanu sanesna, maranehna teh bakal mecenghul sapertos malaikat-malaikat atanapi wargi-wargi nu tos maot. Iblis sorangan bahkan bakal nyaru kana rupa Yesus Kristus!
Nanging anjeun henteu kedah katipu ku kabohongan-kabohongan eta. Upami anjeun nuturkeun Yesus Kristus, Mantenna bakal masihan kawasa ka anjeun sangkan nolak iblis. Sobat, naon bae pergumulan anjeun dinten ieu, ijinkeun Yesus Kristus ngabebaskeun anjeun!
Upami anjeun kersa janten murid Yesus Kristus sangkan ngadu’a pikeun kabebasan anjeun tina lelembut jahat, sumangga kontak sim kuring dina informasi nu aya di pengker makalah ieu.
Copyright © 2023 by Sharing Hope Publications. Karya (makalah) ieu tiasa dicetak sareng dibagikeun kangge tujuan non-komersial henteu kedah ngangge izin.Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.
Daftar kangge buletin kami
Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

Pilari panongton anjeun
Terbitan-terbitan anu diunggulkeun
© 2023 Sharing Hope Publications