Henteu Sieun kana Penghakiman

Henteu Sieun kana Penghakiman

Ringkesan

Ngemut kana dinten perhetangan nyababkeun rempan hate ka jalma loba. Kumaha urang tiasa yakin yen urang bakal lolos sacara aman tina dinten perhetangan ahir? PANGERAN ngandika Mantenna bakal masihan ka urang saurang Pangacara--Saurang nu jadi perantara pikeun urang dina panghakiman sapertos saurang pangacara ngabela kasus urang di pangadilan dunya ieu. Risalah ieu nepangkeun ka urang Pangacara ieu sarta netelakeun ka urang kumaha miboga jaminan nalika urang ngemut panghakiman nu bakal sumping.

Unduh

Dina waktos enjing, sim kuring kaluar ti kamar hotel sangkan ngiringan hiji pasamoan penting. Sim kuring telat janten sim kuring nyupirna ngebut—leuwih ngebut tibatan wates ngebut nu diidinan. Satengah jalan ka tujuan, polisi nyegat sim kuring sarta marentahkeun sim kuring kedah ka kantor polisi! Sim kuring geumpeur sarta teu walakaya kusabab sim kuring terang yen sim kuring rumasa salah.

Saparantos petugas polisi ngabuka berkas kasus nu dituduhkeun ka sim kuring, sim kuring teras wae dicandak ka kantor pengadilan nu caket. Di dinya, sim kuring pendak sareng rerencangan sim kuring nu didamel janten pangacara. Anjeunna reuwaseun pendak sareng sim kuring. Waktos sim kuring ngajelaskeun situasi sim kuring, anjeunna nyarios, “Ulah watir. Abi bakal ngabereskeun kasus anjeun.” Sim kuring bingah pisan. Rencang sim kuring bakal jadi pangacara nu ngabela sim kuring!

Lantaran rencang sim kuring parantos ngalengkah sangkan ngabela demi kapentingan sim kuring, pak hakim nerbitkeun denda anu henteu ageung. Sim kuring ninggalkeun pengadilan sareng mumuji Gusti PANGERAN.

Memang sieun pisan lamun urang ngadeg mayunan saurang hakim dunya. Nanging henteu aya bandinganana lamun urang ngadeg nyanghareupan Gusti PANGERAN dina Dinten Perhetangan nu ageung. Upamina dinten eta sumping enjing, anjeun bakal siap?

Persiapan kangge Penghakiman

Sababaraha jalma ningal kana panghakiman ku sikap henteu paduli. Maranehna nginum alkohol, ngarokok, judi, indit ka kleb-kleb malam, sarta nongton pelem porno. Maranehna tiasa wae terangeun yen perkawis eta dicatet dina buku catetan, nanging maranehna kajerat ku oloan si Iblis. Maranehna henteu paduli.

Jalma nu lainna ningal kana panghakiman ku rumaos sieun nu kaleuleuwihan. Maranehna henteu wani ngaliwatkeun du’a boh sahiji du’a oge. Aranjeunna mikir bahwa siksa kubur atanapi seuneu naraka sakitu nyerina yen maranehna hilap kana kaasih sareng kasaean Gusti PANGERAN. 

Nanging sami sapertos sim kuring kenging pengacara di pengadilan hukum, Gusti PANGERAN parantos nyayogikeun saurang pangacara nu bakal ngabantos urang ngaliwatan penghakiman. Anjeun henteu kedah nyalira!

Saha Pangacara (Nu Ngabela) Urang?

Ideu ngeunaan saurang pangacara saleresna sanes hiji perkawis enggal. Unggal taun, rebuan pangumbara nganjang ka kuil-kuil di Afrika Utara, Timur Tengah, sarta Asia. Seueur jalma ngadu’a kana pajaratan pamingpin-pamingpin ageung, percanten yen aranjeunna bakal jadi pangacara demi kepentingan maranehna. 

Saleresna sae ngahormat ka pamingpin-pamingpin ageung, nanging ngadu’a ka aranjeunna atanapi menta pengantaraan aranjeunna eta leres-leres haram. Margi aranjeunna teh parantos maot sarta henteu tiasa milampah nanaon pikeun anjeun. Malih mah nabi-nabi nu parantos maot di lebet pajaratan aranjeunna, nuju ngantos Dinten Pangorejatan.

Sanaos haram naros ka nu tos maot sangkan janten pengantara pikeun urang, gagasan ngeunaan pengantaraan eta memang leres. Nanging pengantaraan nu kumaha nu katampi ku Gusti PANGERAN? Ieu kedahna saurang nu 

  1. Kahiji, Hirup (sabab nu tos maot mah henteu tiasa nyarios demi kapentingan urang). 

  2. Kadua, Henteu ngalakukeun dosa (sabab saurang nu didakwa ku hukum mah henteu tiasa janten pengacara kanggo nu sanesna).

Saha nu cocok pikeun sarat-sarat eta? Teu aya nu lainna salian ti Yesus Kristus, oge dipikaterang Isa Almasih, Saurang nu hirup di sawarga sareng leres-leres suci. 

Pikirkeun perkawis ieu—nanging enya kitu aya deui jalmi lainna nu tiasa ngangken henteu ngalakukeun dosa? Adam parantos nuang buah larangan; Nuh mabok ku anggur; Abraham (Ibrahim) ngabohong; Musa maehan jelema; Daud ngarebut pamajikan batur. Anjeun moal bakal mendakan saurang nabi nu henteu pernah ngalakukeun boh hiji dosa oge atanapi henteu pernah menta panghampura.

Nanging Yesus Kristus henteu pernah ngalampahkeun dosa. Mantenna ngangken, “Kusabab kitu Kaula salawasna disarengan wae ku Mantenna nu ngutus. Kaula ku Mantenna tara dikantun, sabab salawasna nyieun nu kamanah ku Mantenna” (ti Injil, Yohanes 8:29).

Nyanghareupan Panghakiman ku Rasa Tengtrem

Yesus Kristus hirup di sawarga sarta leres-leres henteu miboga dosa. Mantenna siap kanggo ngabela sim kuring sareng anjeun. Sarta Mantenna bakal sumping deui saenggal-enggalna.

Upami Mantenna sumping deui dina waktos nu kadua kalina, hartosna Yesus Kristus teh nabi ahir. Sumuhun, sarta langkung deui tinimbang saurang nabi—Mantenna Pengantara, Tuan, sarta Tengtrem Sajahtera urang dina Dinten Perhetangan. Mantenna nyarios ka urang, “Sing saha nu nurut kana piwiruk Kami, salalawasna moal paeh. Sing percanten” (Injil, Yohanes 8:51). 

Yesus henteu maot; Mantenna hirup! Sarta Mantenna nuju ngawangun komunitas-Na di dunya ieu ayeuna pisan. Kadang-kadang Mantenna ngulem jalma-jalma kana komunitas-Na ku muncul dina impen sapertos saurang nu nganggo acuk jubah bodas atanapi ku maparin mu’jijat-mu’jijat ka urang waktos urang neneda ka Gusti PANGERAN dina lebet nami-Na. 

Anjeun kersa miboga damai sejahtera dina Dinten Perhetangan? Angken kayakinan anjeun ka Yesus Kristus. Kunaon urang kedah nempatkeun kayakinan urang ka aranjeunna nu tos maot sarta nu henteu terangeun kumaha aranjeunna nyanghareupan Dinten Perhetangan? Yesus pasti di tempat-Na di sawarga. Sapertos rencang pangacara sim kuring di ruang pengadilan, Mantenna bakal ngabantos urang.

Anjeun panginten ngaraos heran upami aya hiji perkawis nu sakitu ajaibna tiasa kawujud. Yesus Kristus nyarios, “Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku Kami tangtu dikobul” (Injil, Yohanes 14:14). Sumangga damel tes sangkan mendakan yen naon nu ku sim kuring carioskeun ka anjeun teh leres-leres kakobul. Upami Yesus maha kawasa kangge ngaberesan perkawis darurat kahuripan ayeuna pisan, kukituna tangtos Mantenna tiasa dipercanten janten pangacara (nu ngabela) urang. Neneda ka Gusti PANGERAN dina ngaran Yesus ku hate nu tulus sarta perhatoskeun naon nu kajantenan. Anjeun tiasa ngadu’a:

Nun Gusti, Sim kuring hoyong terang upami Yesus leres-leres saurang nu Ku Anjeun diangken janten pangacara urang dina penghakiman. Upami leres, sumangga waler du’a sim kuring ieu (lebetkeun kaperyogian anjeun di dieu). Sim kuring neneda dina nami Yesus Kristus. Amin.

Upami anjeun kersa diajar leuwih seueur ngeunaan kumaha tumut ka Yesus Kristus, kontak sim kuring dina informasi nu aya di pengker makalah ieu.

Copyright © 2023 by Sharing Hope Publications. Karya (makalah) ieu tiasa dicetak sareng dibagikeun kangge tujuan non-komersial henteu kedah ngangge izin.
Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.

Daftar kangge buletin kami

Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

newsletter-cover