
Uleman Imigrasi!
Ringkesan
Anjeun mikasono kana hiji tempat anu langkung sae? Hiji tempat anu aman, bahagia, sarta tentrem? Urang miharep hiji hal nu dunya ieu teu tiasa sadiakeun sabab urang teh diciptakeun pikeun Sawarga. Yesus Sang Mesias parantos angkat ke ditu. Mantenna uninga kana jalanna, kulantaran kitu, Mantenna ngakukeun diri-Na "jalan!" Risalah ieu ngagambarkeun kaestuan-kaestuan penting ngeunaan Yesus nu ngabantos urang pikeun sadia jadi kawarganagaraan di Pirdaus.
Ketik
Tract
Panerbit
Sharing Hope Publications
Sayogi di
21 Basa
Halaman
6
Abdul-Malek nyaeta lalaki sepuh nu tos leuleus. Saparantos istri sareng putrana maot, anjeunna parantos ingkah ti Irak sangkan kabur ti ISIS. Ayeuna anjeunna linggih nyalira di Yordan janten nu ngungsi.
Nanging di dinya aya saeutik harepan. Anjeunna gaduh saderek (misan) nu aya di Kanada nu nawisan bantosan padamelan ka anjeunna. Kapencut, anjeunna ngadamel visa sarta ngawitan impian anjeunna pikeun hiji kahirupan nu leuwih gampil. Ahirna, saparantos sababaraha taun ngantosan, anjeunna diidinan lebet ka Kanada. Abdul-Malek luar biasa!
Nanging kabungahana henteu lami. Saparantos sumping di Kanada, anjeunna mendakan yen kahirupan saatosna imigrasi teh henteu gampil. Padamelana kedah mapah unggal dinten. Tatanggina gararandeng. Angkutan umum henteu gampil dipikahartos—sakitu oge perkawis basa Inggris!
Abdul-Malek tos ngaimpi-impikeun sangkan tiasa angkat ka hiji tempat anu langkung sae, nanging sakali anjeunna dugi, anjeunna tetep wae masih keneh nyeri hate. Anjeunna ngawitan mikir upami kahohoyong nu diraraosan ku anjeunna teh tiasa dikobul di lokasi mana wae di dunya—atanapi upami anjeunna kedah ngantosan dugi ka sawarga Pirdaus!
Imigrasi ka Pirdaus (Sawarga)
Anjeun kangtos ngaraos sapertos Abdul-Malek? Kahoyong pikeun hiji tempat nu langkung sae ieu nganclik dina hate manusa sarta ngan tiasa dikobul dina cara lebet ka Pirdaus (Sawarga), nyaeta bumi urang nu sajati. Sareng eta hiji kahoyong nu bakal enggal dikobul! Tanda-tanda waktosna nuju kajantenan di payun soca urang, sarta dunya ieu bakal enggal dugi kana ahirna.
Salila puluhan taun, buku-buku kagaamaan wangsa Yahudi, kaum Kristen, sarta kaum Muslim sadayana parantos ngaramalkun simbol-simbol—nu beuki geura bae waktos urang “beremigrasi” ti dunya ieu ka nu salajengna. Sadaya tilu kaimanan nunjuk ka sosok Mesias nu bakal tanggungwaler kana puncakna ti kajantenan ahir ieu.
Menarikna, gambaran Mesias ieu dina Kakristenan sareng Islam henteu sanes deui salian ti Yesus Kristus, oge dipikaterang Isa Almasih. Mantenna Sang Mesias waktos Mantenna hirup di Palestina, nanging Mantenna parantos linggih di Pirdaus salami 2.000 taun kalangkung. Mantenna ahirna bakal uwih deui dina Dinten Penghakiman ahir.
Uwihna deui Yesus Kristus ka dunya ieu teh kahontal disebatkeun dina Alkitab, nanging umat Muslim percanten yen Mantenna bakal sumping deui oge, sabab hal eta diseratkeun dina Qur’an: “Anjeunna (Yesus Kristus) jadi Tanda kana Waktos Penghakiman, jadi ulah asa-asa ngeunaan Waktosna nanging aranjeun tuturkeun Kami, ieu teh Jalan nu Lempeng.”
Sami sapertos petugas imigrasi masihan panungtun sangkan tiasa ngengingkeun visa, Yesus Kristus ngulem urang sangkan merhatoskeun Tanda-Na supados urang tiasa uninga kana Jalan Lempeng ka Pirdaus.
Sapertos kumaha Pirdaus teh saur Yesus?
Injil, nyutat yen Yesus Kristus ngalahir, “Kami rek kaditu nyadiakeun pitempateun maraneh. Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh, Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supados maraneh oge aya di tempat Kami” (Injil, Yohanes 14:2-3). Yesus Kristus nyarios bahwa Mantenna tiasa mawa urang ka Pirdaus (sawarga)!
Mantenna oge ngabrehkeun gambaran-gambaran endah ngeunaan tempat eta. Mantenna nyebatkeun yen
Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya deui (Wahyu 21:4).
Urang bakal miboga bumi nu endah (Yohanes 14:2).
Boh pameget sarta wanoja bakal miboga kahormatan sareng hak-hak nu sami (Galatia 3:28).
Di dinya pinuh ku caang, kaestuan, sareng kabagjaan (Wahyu 21:21-25).
Leres pisan, eta teh tempat nu ku hate urang sadaya impikeun!
Kunaon Yesus Kristus Sumping Kadua Kalina
Nanging Gusti PANGERAN parantos ngintun seueur nabi sareng utusan-utusan kudus. Kunaon Yesus Kristus dipilih sangkan uwih deui nu kadua kalina? Patarosan ieu saleresna gampil dijawab dina ilustrasi nu sami ngeunaan imigrasi. Sabab ngengingkeun visa teh henteu gampil, seueur jalma nyewa pangacara imigrasi, nu terang jalanna. Upami urang miboga saurang nu nungtun, urang tiasa percanten ka anjeunna pikeun ngabantosan urang.
Kitu oge, Yesus Kristus teh hiji-hijina nu mecenghul kadua kalina kusabab Mantenna terangeun jalan ka Pirdaus sarta tiasa nungtun urang ka ditu. Mantenna nyalira ngangken, “Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup” (Yohanes 14:6).
Unggal nabi sareng utusan nu diutus ku Gusti PANGERAN parantos ngalakukeun kalepatan sarta kedah milarian panghampura. Nanging Yesus Kristus mah henteu. Mantenna henteu miboga dosa salami 33 taun hirup di dunya. Ieu sababna Mantenna dipunggah langsung ka Pirdaus (sawarga).
Urang kedah diajar ka Yesus Kristus, hiji-hijina Jalmi nu henteu miboga dosa, kumaha supados tiasa lebet ngalangkungan sarat-sarat pikeun ka Pirdaus (sawarga). Ngan dina jalan ieu urang tiasa ngengingkeun jalan lebet ka sawarga. Kapihaturnuhun, urang tiasa diajar tina kitab suci ieu, Alkitab.
Persiapan pikeun Uihna Yesus Kristus
Sakitu bingahna upami anjeun tiasa yakin kana imigrasi anjeun ka hiji tempat nu langkung sae? Anjeun diulem sangkan jadi warga karajan agung Gusti PANGERAN di lebet Pirdaus (sawarga)! Yesus Kristus moal lami deui bakal sumping sangkan mawa urang sadaya ka tempat anu endah eta.
Numawi bilih anjeun nuturkeun jalma-jalma dimana maranehna oge henteu terangeun naon nu bakal kajantenan ka maranehna dina Dinten Penghakiman? Sareng Yesus Kristus mah, anjeun henteu kedah asa-asa. Suhunkeun ka Gusti PANGERAN sangkan nungtun anjeun ka Jalan Lempeng nyaeta Yesus Kristus. Anjeun tiasa ngadamel pamenta sapertos kieu:
Nun Gusti, manah sim kuring mikahoyong kana tempat nu langkung sae. Tulungan bebaskeun sim kuring sarta bebene-bebene sim kuring tina kasulitan-kasulitan dunya ieu. Sim kuring percanten waktosna pondok. Tulungan pasihan ka sim kuring tungtunan supados sim kuring tiasa lebet ka tempat nu aheng nu parantos disayogikeun ku Anjeun pikeun sim kuring. Amin.
Upami anjeun kersa miboga salinan otentik Injil, sumangga kontak ka sim kuring dina informasi nu aya di pengker makalah ieu.
Tarjamahan bebas tina basa Inggris Quran kana basa Sunda. Copyright © 2023 by Sharing Hope Publications. Karya (makalah) ieu tiasa dicetak sareng dibagikeun kangge tujuan non-komersial henteu kedah ngangge izin.Ayat Alkitab dicandak tina © LAI Lembaga Alkitab Indonesia.
Daftar kangge buletin kami
Jadi nu pangheulana terang waktos terbitan anyar sayogi!

Pilari panongton anjeun
Terbitan-terbitan anu diunggulkeun
© 2023 Sharing Hope Publications